Rabu, 17 Februari 2010

Editor Ge Teu Percaya

Mojang #1: Abdi geus putus jeung si X.
Mojang #2: Naha?
Mojang #1: Biasa we. Selingkuh!
Mojang #2: Tah kitu resiko boga kabogoh kasep mah. Selingkuuuuuh we! Kitu tah lalaki mah kalakuanana teh. Teu cukup ku hiji awewe. Hayang we ngareret ka awewe lain. Nurustunjung! Tapi aluslah ari geus diputuskeun mah.....
Mojang #1: Manehna nu mutuskeun mah.
Mojang #2: Har, naha? Apanan manehna nu selingkuh teh lin!
Mojang #.1: Abdi nu selingkuh mah.....
Mojang #2: (ngarenjag)
Mojang #1: Naha reuwas?
Mojang #2: Eeeee....di dinya mah pan goreng patut! Naha bet make payu selingkuh ge?

Tidak ada komentar: