Selasa, 10 Mei 2011

Mitos Gegeden Urang China

Ieu MITOS tokoh-
tokoh pulitik di China:

Ngaroko, ngan tara nginum
arak, Lin Biau maot umur
63 taun.
Sok nginum arak ngan teu ngaroko,
Zhou En Lai maot umur 73
taun.
Ngaroko, tur sok nginum arak,
Mao Ze Dong maot umur
83 taun.
Ngaroko, sok nginum arak, jeung
maen kartu, Deng Xiao Pin
maot umur 94 taun.
Ngaroko, sok nginum arak, maen
kartu, beuki ka awewe (boga pamajikan ngora), Zhang Xue Liang
maot 103 taun.
HENTEU ngaroko, HENTEU nginum
arak, HENTEU maen kartu, HENTEU
beuki ka awewe, Lei Feng maot
ngora umur 23 taun!




Sumber : http://ketawa.com

Jumat, 15 Oktober 2010

Daek Reinkarnasi Jadi Babi?

Lalaki #A: Urang pernah maca yen babi mah kuat 'kikituan' lilana 30 menit. Edan euy!
Lalaki #B: Ugh!

Kamis, 14 Oktober 2010

ZOMBIE PIRATE BAY

"Abi ngaraos caket sareng pens nu ngadonlot sacara ilegal," walon Shakira.

Selasa, 11 Mei 2010

Gulliver Nu Nyopetna

Urang Karawang: Waduh! TV babaturan urang aya nu nyopet euy!
Urang Cimahi: ??????

Selasa, 30 Maret 2010

Kitu oge Deddy Corbuzier

Budak #1: Bapa urang geus lain copet. Geus insyaf.
Budak #2: Alus we. Jadi ayeuna maneh teu era nya ku batur.
Budak #1: Enya. Malah ayeuna mah ngaguruan cenah.
Budak #2: Wah, alus jadi guru mah atuh. Pagawean mulia eta teh euy. Guru naon?
Budak #1: Cenah mah jadi guru copet!

Rabu, 24 Maret 2010

Miyabi mah Lewat

ABG #1 :"Urang mah teu resep ka Si Indra Birowo."
ABG #2 :"Na kunaon kitu? Boga dosa naon Si Indra ka maneh?"
ABG #1 :"Atuh da Si Eta mah beungeutna beungeut porno!"






Di hiji obrolan, didenge ku baturna nu ngabanding-bandingkeun beungeutna jeung monyet.

Sabtu, 20 Maret 2010

Eusi Khutbah mah Tanyakeun ka Malaikat Atid Mun Geus Hudang

Jamaah #1, basa ningali khatib mimiti naek mimbar: Yu urang mengheningkan cipta heula. (ngaharewos) Sare......
(luk tungkul pereum)
Jamaah #2: (miluan ngeluk tungkul peureum)




-Jumaahan,
didenge ti: kuring

Jumat, 19 Maret 2010

Achilles? Beyonce? Limbad?

Guru: Hm, dewa yunani mana nya nu alus dijadikeun kover hareup majalah sakola?
Murid, seurieus naker: Hermafrodite? Herpes? Asbestos?

Senin, 15 Maret 2010

Moro Hikmah Nu Jarah

Teteh, balik jarah: Di Banten mah aya hiji batu nu tulisanana Arab aya di jero balong. Meni aheng teh.
Kuring: Abdi terang hartos tulisan arab eta!
Teteh: Naon hartina cing?
Kuring: Kieu yeuh, Teh. MANGKAHADE, DULUR. TONG KIIH JEUNG MICEUN DI BALONG IEU EUY. BAU TUR RUJIT DEULEU! Hahaha!

Minggu, 14 Maret 2010

Lain Obrolan Gay!

Bujang #1: Mun urang gay, maneh geus dikerekeb!
Bujang #2: Mun maneh gay, ku urang dek ditembak!
Bujang #1: Ewwww, ditembak bo......

Minggu, 07 Maret 2010

Hapunten Abdi, Aa Gym

Budak: Ujang mah mun tos ageung hoyong jiga Aa Gym.
Bapa: Meni kayungyun putra Apa.
Indung: Anak Mamah oge atuh.
Bapa: Janten Da'i nya.
Budak: Muhun. Ujang mah hoyong gaduh 2 istri!

Tah Mun Praktekna mah Beda!

Bujang #1: Ceuk teori mah jodo mah papasangan. Nu kasep jeung nu geulis.......
Bujang #2: Ceuk saha? Geuning Aki Abas nu umurna 70 taun bisa meunangkeun Neng Tini nu umurna karek 25 taun!
Bujang #1: Heueuh, aki-aki nurustunjung! Bagean urang-urang disabet oge!

Kamis, 04 Maret 2010

Kuis Super Family: Survey Ngabuktikeun!?

Budak #1, ambeuk keur pasea: Sok siah ku urang dibejakeun ka Om urang nu pulisi. Maneh cenah ditembak! Dor dor dor!
Budak #2: Eit, teu sieunlah! Ku urang Om maneh dipiheulaan dibejakeun ka malaikat.
Budak #1: Naon malaikat?
Budak #2: Pan ku urang dititah nyabut nyawa Om maneh!
Budak #1: Bejakeun siah ku urang ka Alloh!

Teguh We Kadinyah Sorangan Pagaweanana

Nu gering: Sayah mah mun cageur dek makmak mekmek sagala rupa dahareun dek didahar.
Nu ngalongok: Katut ngadaharan aspal!

Eta Definisi Urang. Maneh?

Bujang ka baturna: Euy, gering teh panggugur dosa deuleu.
Baturna: Naon maksudna?
Bujang: Ibaratna jatah umur maneh 50 taun. Nu 25 taun nyieun laku dosa. Nu 25 taun deui gering. Berarti impas. Maneh jiga orok deui. Da dosana gugur tea ku gering.

Selasa, 02 Maret 2010

.......Atawa Jibril Lia Aminudin

Khotib: Di nagri urang teh keur mabahu jalma nu meunang ilapat cenah. Contona, di jawa aya nu ngaku-ngaku jadi nabi anyar. Ngarana Kasimin!



-Acara Muludan
Didenge ti: dagoan we nu ngaku-ngaku jadi iblis

That's Not Right or Wrong Answer

Little child: Who's Lady Gaga?
Father: Bitch!
Little child: Meaning?
Father: She's like your Mom!

Senin, 01 Maret 2010

Hipotesa: Banda Kulawarga Banda Urang

Bujang A ka Bujang B: Manggih duit goban euy.....
Bujang B: Disalabarkeun ka batur.
Bujang A: Ah, hanteu. Sualna meunang nimu di imah sorangan!
Bujang B: (olohok)
Bujang A: Hayang kapecretan kitu maneh?
Bujang B: (unggeuk-unggeukan)

Sabtu, 27 Februari 2010

Mun Kubus mah Bentukna Kotak, Lain Buleud

Bujang #1: Abdi mah dumuk di Cimahi.
Bujang #2: Palih mana Cimahina?
Bujang #1: Pojok Tengah.
Bujang #2: Pojok Tengah? Absurd!
Bujang #1: Sing Demi....
Bujang #2: Absurd!
Bujang #1: Sing Demi....
Bujang #2: Absurd!
Bujang #1: Sing Demi....Absurd.

Rabu, 24 Februari 2010

Dihampura, Jang

Bujang #1: Urang hayang maehan jelema.
Bujang #2, reuwas: Kumaha?
Bujang #1: Contona maehan babeh urang we.
Bujang #2: Lain geus maot bapa maneh mah.
Bujang #1: Aeh, heueuh nya!

Selasa, 23 Februari 2010

Untung Lalaki mah Nganilai teh Tina Kabodoan

Rahma Azhari:
Mario Teguh mah rasis. Maenya we nganilai awewe nu beuki dugem, begadang, ngaroko, jeung nu nginum alkohol teu payus dijadikeun pamajikan. Lain RASIS nu kitu teh!




-didenge ti: istilah anyar ti seleb dongo

Rabu, 17 Februari 2010

Hukum Budak teh, Lur. Warah!

Budak awewe 9 taun: Om, nambut hapena?
Bujang: Ari hape si bapa kunaon kitu?
Budak awewe 9 taun: Naon nu si bapa mah butut! Layarna ge alit! Beda sareng nu Om. Nu Om mah sae hapena. Layarna ge ageung!

Editor Ge Teu Percaya

Mojang #1: Abdi geus putus jeung si X.
Mojang #2: Naha?
Mojang #1: Biasa we. Selingkuh!
Mojang #2: Tah kitu resiko boga kabogoh kasep mah. Selingkuuuuuh we! Kitu tah lalaki mah kalakuanana teh. Teu cukup ku hiji awewe. Hayang we ngareret ka awewe lain. Nurustunjung! Tapi aluslah ari geus diputuskeun mah.....
Mojang #1: Manehna nu mutuskeun mah.
Mojang #2: Har, naha? Apanan manehna nu selingkuh teh lin!
Mojang #.1: Abdi nu selingkuh mah.....
Mojang #2: (ngarenjag)
Mojang #1: Naha reuwas?
Mojang #2: Eeeee....di dinya mah pan goreng patut! Naha bet make payu selingkuh ge?

Jumat, 12 Februari 2010

Nuju PMS, Yang?

Bujang: Abdi boga puisi. Hayang ngadengekeun?
Mojang: Embung ah.
Bujang: Tapi ieu mah puisi cinta ti Aa!
Mojang: Nu matak embung oge!

Mun Budak Ayeuna mah Ngobrolna teh Lebay

Émang ka Alo: Sakali-kali nini maneh teh ajak ngobrol geura. Kolot mah ieuh loba pulunganeun.
Alo: Kantos. Abdi nyarios naon, diwalerna nu lain-lain. Kitu kolot ayeuna mah nya, Mang. Bararonge! Matak hoream ngajakan ngobrolna ge!

Asa Aya di Salah Sahiji Episode Lorong Waktu

Mojang Rame ka baturna: Abdi teh nyobian lebet ka restoran Vietnam nya. Tapi naha pelayanna teh socana sararipit jiga Cina. Sanes tiasa kitu masakna?






-Dioprek ti: overheardinnewyork

Kamis, 11 Februari 2010

Atawa Penis Dina Komputer?

Rumaja Awewe: Lanceuk abi mah maen gim monster nu 25 senti.
Rumaja Lalaki: Maksudna ngomongkeun penis atawa komputer sih?






-Dioprek ti: overheardinnewyork

Jennifer Dunn Saukur Nepikeun Kalimah ti Ayat-ayat Setan

"Abdi leres-leres cinta ka Sunan, resep ka manehna. Sanes abdi ngahaja ngarebut salaki batur, ngan abdi teh teu tiasa we ngabohongan diri pribadi."




-Detikhot
Didenge ti: kuring, hikmatna mah boga pengacara haratis nya, neng!

Selasa, 09 Februari 2010

Kabeh Lalaki ge Naksir ka Awewe Kumisan teh.....Tapi Tong Diear-ear Atuh!

Bujang ka kabogohna, sorana tarik: Yang, eta kumis kurudeun lin!
Mojang: Sssst.....gandeng! Pan abdi ge tos nyarios ngke bade dicukur, Aa!



-Dioprek ti: overheardinnewyork

Senin, 08 Februari 2010

Komeng, Eta teh Anjeun Kitu?

Bujang mabok ka awewe nu mawa anjing leutik: Anjingna sae, Bu. Lucu!
(geus kitu dongko bari nyepertikeun nu keur kikituan ka eta anjing)
Awewe: Gusti! Nanaonan ari anjeun!
Bujang mabok, nangtung: Bu, teu terang kitu abdi teh nembrakeun kanyaah ka manehna.
(leos indit)




-Dioprek ti: overheardinnewyork

Cing Nambut Akangna Atuh!

Tatangga awewe #1: Tadi janari abdi ngadungu Euceu kokoceakan. Dikumaha ku akangna?
Tatangga awewe #2: O, eta mah sora abdi waktos kengeng multi orgasme!

Enya Eta teh Babaturan Heubeul

Bujang, nempo aya nu barodas murudul tina hulu kabogohna: Ih.....eta teh totombe, Neng!
Mojang:(ngabetem era)



-Didenge ti: naon mun geus kitu menta putus?

Jiga Lain nu Nyieunna Urang Duaan Wae

Mojang ka kabogohna: Yang, mun abdi reuneuh kumaha?
Bujang: Nu pasti mah Aa hayang nyaho saha bapana!

Tos Sabaraha Lami Teu Ningal Nu Kitu?

Budak, ngagorowok bari curukna tutunjuk: Pa pa pa pa! Aya nu gelo teu ngangge acuk!
Bapana: Waw, seksi!

Manehna teu Beda ti Urang Kitu?

Budak Leutik: Naha jurig sok aya wae, Pa?
Bapana: Nya nganjang we sareng hoyong terang kaayaan urang panginten.
Budak leutik: Tapi naha atuh sok aya nu ngahurungkeun TV?
Bapana: O, eta. Paling oge hoyong nonton berita atawa inpotainmen......
Budak leutik:
Nonton DASYAT!
Bapana: Enya, eta oge!

Minggu, 07 Februari 2010

Kadu mah Eleh We

Bujang dina mobil ka pulisi: Tiasa ngabantuan abdi, Pa?
Pulisi: Cobian we. Bade kamana?
Bujang, nyerengeh: Ka Saritem.
Pulisi: O, pantes atuh bauna ge kaambeu nyegak pisan!





-Dioprek ti: overheardinnewyork

Nepangkeun Lalaki Panggoblogna Sadunya!

Bujang #1: Urang mah mineng sare di imah awewe seksi. Geulis deuih. Geus ayalah 3 bulanan mah. Tapi urang mah teu ngalakukeun nanaon jeung manehna teh.
Bujang #2: Naha? Mun urang mah geus meureun kikituan.
Bujang #1: Heeh. Urang ge kahayang mah kitu!
Bujang #2: Awewe eta ge hayangeun dikitu ku maneh?
Bujang #1: Enya.
Bujang #2: Naha teu dilakonan atuh?
Bujang #1: Maksudna?
Bujang #2: Mimitian ku maneh atuh!




-Dioprek ti: overheardinnewyork

Jumat, 05 Februari 2010

Mun Rarayna Kabeh Jiga Zaenal Arif Mah

Mojang #1: Abi mah teu resep bola!
Mojang #2: Abdi ge sami kitu. Keur garoreng patut teh, prestasi timnas ge jeblok!
Mojang #1: Enya. Euweuh sahulueun!

Butuh Eunteung, Kang

"Basa kami ngawangkong, kuring mere nyaho ka Balotelli yen manehna kuduna leuwih batan kuring...."




-Marco Materazzi
Didenge ti: goal.com, apanan provokasi akang ngahasilkeun Itali jadi Juara Piala 2006

Kamis, 04 Februari 2010

LSF: Lembaga Sex jeung Filmna

'Sayah tangtu ngomong ka Andi Soraya, rek ngobrol sual akting-aktingna di pilem.'



-Anwar Fuadi
Didenge ti: detik, kararagok ngumbar orat teh nya

Kota Cimahi aya di Kota Bandung

Dulur jauh: Sayah mah bingung. Ari Cimahi teh lebetna ka wilayah Bandung.
Urang Cimahi: Sanes. Cimahi mah kota mandiri. Otonom.
Dulur jauh: Tapi caket pan ka Bandung.
Urang Cimahi: Tangtuna. Ti Cimahi ka Bandung mah ayalah saparapat jam. Ngalengkah ge dugi.
Dulur jauh: Ari kitu mah sayah teu lepat atuh yen Cimahi mah kalebet oge ka wilayah Bandung.
Urang Cimahi: Ka teuing ah. Poek!

Rabu, 03 Februari 2010

Pledoi Seleb Jablai nu Keur Spaneng

"Di unggal film horor ge pasti aya welah adegan porno, tapi keur abdi mah eta teu rujit......"




Andi Soraya
-didenge ti: detik, jalma nu pernah hirup ngarurujit diri mah hipu nyariosna ge

Senin, 01 Februari 2010

Di Cepil Urang mah Kadengena Seksi

Pangangguran ka baturna: Mun aya nu nyebut bos. Eta hartina ngahina atawa muji nya?
Baturna: Ngahina, BOS!

Jumat, 29 Januari 2010

Pan Ahmad Dhani Diajar Arogan ka Pribados

Jose Mourinho: "Kami geus nembongkeun sagala kamampuhan kami. Hiji-hiji cara kami eleh mah mun ngan saukur aya 6 pamaen kami di lapangan."







-Coppa Itali
Didenge ti: Inter 2 - Juventus 1
-

Alhamdulillah.......Ahirna Abi Tiasa Geuning Striptease di Payuneun Wadyabalad Sadayana!

"Kusabab abi habeun bae lalajo filmna Demi Moore, ngan teu apal kana judulna mah, eta bakatku mineng tea. Dina pilem teh manehna nari taranjang meni sampurna pisan. Mun manehna bisaeun merankeunana abi ge bisa atuh."


Andi Soraya
-Didenge ti: bangga oge ari ngaladenan jablai teh euy......

Kamis, 28 Januari 2010

Jaba Kasep Deuih, Yang

Mojang pendek ka kabogohna nu pendek, basa diliwatan ku lalaki jangkung gede: Waw! Jangkung...... gedeeeeeee!
Kabogohna: So what? Kurang keneh nu Aa, heh!!??



Di mal
-Didenge ti kuring

Tips mun Ngke Dek Ngeusian Pilihan Ganda

Jalma nu Loba Pangaweruh mere papagah: Ngajawab ulangan nasional mah jiga ML; alon-alon asal kelakon. Caina herang laukna beunang. Jeung nu penting mah lain dinilei tina kecepatan ngajawab, tapi akurasi tur presisi!

Enggal Milari Ambulan, Bu!

Guru SD Kelas 1, cicing di panto beus sanggeus karya wisata: Yu sadayana baris.(ngitung murid) Gusti! Aya di mana Asep?
Murid awewe, celengkeng: Asep mah nuju ningal kadu di handapeun tangkalna, Bu. Ngantosan nu murag!





Di Taman Buah Mekar Sari
-Dioprek ti: overheardinnewyork

Selasa, 26 Januari 2010

......Meh Yahudi Meunang Diuk?

Kondektur #1: Barang-barang pribadi pindahkeun meh korsina bisa dipake diuk keur panumpang sejen!
Kondektur #2: Siap, Hitler.






Di kareta
-Dioprek ti: overheardinnewyork