Rabu, 28 Oktober 2009

Hiji-hiji

Kolot: Hey, kunaon maneh maledogan imah batur?
Budak Bangor: Ka teuing. Da kuring mah teu nitah. Eta mah pagawean leungeun kuring we.
Kolot: O, kitu nya.
Bapana Budak Bangor: Hampura we, Pa. Ngarana ge budak atuh. Hampuraeun!
Kolot: O, kitu nya. Heg, ku dewek dihampura -ngadadak leungeuna ngagaplok eta budak bangor tarik nakeran-
Bapana Budak Bangor: Nanaonan ieu teh, Pa? Naha budak abdi digaplok teu pupuguh? Tuh, tingali ceurik! Kumaha ieu teh, Pa RW?
Kolot: Hampura euy. Maklum ari geus kolot mah otak jeung leungeun teh aralangka sahate!



Keur Diriungkeun, didenge ku Pa RW nu daek teu daek panuju kana eta polah kolot yen otak jeung panca indra manehna ge sok mindeng teu konek!

Tidak ada komentar: